Rabu, 01 Februari 2012

contoh Biantara


BIANTARA KABERSIHAN SAKOLA
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Bapak kepala SMA Negeri 1 Mangunjaya nu ku simabdi dipihormat, Ibu miwah Bapak Guru anu dipihormat, para staf Tata Usaha nu sami-sami lingsih, kanca mitra, rerencangan saangkatan sareng adi-adi kelas anu ku abdi dipikacinta.
Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng syukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Teu hilap mugia shalawat sinareng salam urang sanggakeun ka junjungan urang Nabi Agung Muhammad SAW.
Para wargi anu ku simkuring dipihormat.
Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.
Dina hadits oge diterangkeun, nyaeta :
Inna dhofatu minal iman
Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”
Tina hadits di luhur, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu sangkan nyebabkeun urang teu suci. Bersih tina eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.
Para wargi anu mulya.
Kaqbersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.
Para wargi anu mulya.
Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa ngahapunten.
Wassalammu’alaikum Wr. Wb.













Pengertian dan Definisi Biantara dalam Bahasa Sunda

BIANTARA
Biantara nyarita hareupeun balarea pikeun
nepikeun hiji perkara, sipatna monolgis, ukur
direspon ku unggeuk/gideg, keprok, jeung pasemon.

Tujuan Biantara
Informatif
Persuasif jeung Instruktif
Edukatif
Entertaint

Materi Biantara
1. Bubuka
2. Eusi
3. Bahasan
4. Kacindekan

Metode Biantara
Metode Impromtu
Metode Ngapalkeun (memoriter)
Metode Naskah (manuscrip)
Metode ekstemporan

GUNA BIANTARA
- Pikeun nepikeun rupaning kapentingan/maksud.
- Ngaronjatkeun ajen diri
- Ngarojong Leadership
- Jadi puseur paniten masarakat, dihormat jeung dihargaan.

WANDA BIANTARA
Ceramah
Pamapag/sambutan
Pedaran/bahasan hiji pasualan
Natar (up grading)
Laporan
Kampanyeu/propaganda

Tarekah Ngaronjatkeun Kamampuh Biantara
Diajar dina organisasi
Numuwuhkeun kawani tumanya
Ngaregepkeun ceramah ilmiah
Rea maca

TAHAPAN BIANTARA
A. PERSIAPAN
Nangtukeun tujuan jeung topik
Ngawasa materi nu rek ditepikeun
Mikanyaho audience
Mikaweruh situasi jeung kondisi
Nyiapkeun fisik jeung mental
B. TAHAP MIDANG
Muka omongan
Ngabiantarakeun eusi
Nutup biantara

Tidak ada komentar:

Posting Komentar